Pertanyaan B. Daerah
Déwa Anta pok unjukan bari ngalimba, "Nun Batara, anu mawi abdi sedih, rumasa moal lami deui hirup, da tangtos diteukteuk beuheung" "Na, ku naon?" ceuk Batara Narada. Déwa Anta ngawalon, "Pan tadi saur Batara, sing saha anu teu tiasa nyumponan étu pamundut, baris diteukteuk beuheung. Ari abdi téa taya petana tiasa nyumponan, margi kapanan teu gaduh leungeun teu gaduh suku". Batara Narada ngaheneng, socana mencrong ka nu keur sedih. Clak. clak, clak cipanon Déwa Anta murag kana taneuh tilu keclak. Gorolong, gorolong, gorolong cimata téh jadi... endog tilu siki. 1. dicutat tina uku Waruga Basa Hal nu pamohalan tina dongéng di luhur bisa kapanggih tina kalimah.....
A."... rumasa moal lami deui hirup, da tangtos diteukteuk beuheung"
B. "... sing saha anu teu tiasa nyumponan éta pamundut, baris diteukteuk beuheung...."
C."... margi kapanan teu gaduh leungeun teu gaduh suku",
D. Clak, clak, clak cipanon Déwa Anta murag kana taneuh tilu keclak
E. Gorolong, gorolong, gorolong cimata téh jadi... endog tilu siki.
2. . Unsur nu dominan tina sempalan dongeng di luhur nyaeta....
A. Galur
B. Amanat
C. Latar
D. Gaya bahasa
E. Jejer